![]() |
pasar kaget/reuwas |
Lamun urang nitenan ka'ayaan kiwari nu ngarana pasar ayeuna mah geus lain netep dihiji patempatan anu geus diatur ku pamarentah, tapi kulantaran meureun jalma ayeuna mah ngudag target alatan masalah anu klise nyaeta meh 'dapur ngebul', diunggal patempatan sok aya istilah pasar kaget/atawa pasar anu teu pupuguh mimitina anu dimangpaatkeun ku sabagian jalma pikeun nyiar kipayah. Tapi eta nu ngarana pasar kaget teh biasana mah ngan ungal minggu, atawa poe lain anu ditangtukeun kumaha ramena lalar liwat na jalma nu keur kabeneran ngan saukur keur represing atawa nu ngadon olahraga, nya kabeneran pisan jadi masing-masing nguntungkeun model na gambar nu ayeuna ku penulis babagi/'share' anu aya dina utek saliwat mangsa jalan-jalan represing jeung kulawarga.
Eta nu dagang dipasar kaget teh rupa-rupa ti kadaharan, pakean,aksesoris,coco'oan budak nepi ka elektronik aya jste.Nya sakapeung mun nitenan kaayaan di eta pasar atuh rupa-rupa kahayang jalma, model ari kolot mah kanu kadaharan atawa pakean, abg atawa rumaja tanggung kana pakean jeung aksesoris, anu leuwih lucu mah budak leutik mun ninggali coco'oan edas matak cingpuringkel bari ngadat da meureun ku kolotna teu dipangmeulikeun alatan loba pangabutuh sejen, jeung masalahna teu bisa ditawar tah rata-rata barang anu dipajang teh jadi 'daek heug teu kajeun'...hihih kitu tah lur da ari carita jeung editan mah teu sabaraha bisa ngan saukur curhat we iyeu mah itung -itung landong baeud, meh teu murukusunu, nyungcung, udud, budug...ah hampura ma'lum urang sunda mah geus nelah bareuki heureuy....caaag ah....:D.....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar