Rukun Islam anu ka lima

Minggu, 24 Juni 2012


Jalma asa ku gumaki pangrasa sagala anu kapimilik ayeuna anu manehna”At-Takaatsur ( monyah-monyah )102:8 ayat”, padahal ngan saukur titipan jeung nepi ka poho kanu mere nginjeum-Na mah geus puguh poho jeung wani ngusir ka anak, salaki, pamajikan, indung, bapa, beh dituna mah tatangga baraya. Bener matak kunaon iblis nu dilaknat ku ALLOH SWT nepi ka menta mangsa hayang dipanjangkeun umur nepi ka poe kiamah tayohna sangkan aya batur ngojay dina Jahanam. Kacang poho kana kulit, mungguhing kersaning ALLOH SWT, sumujud syukur jalma anu diciptakeun dina kaayaan hirup sarwa teu boga jeung teu weleh narimakeun ti hudang sare nepi ka reup deui maot sakeudeung nalika nyawa keur dianjangkeun ka alam anu ghaib/nyaeta keur sare alam panganjangan alam nu bakal jadi pibalikeun jaga, apal mun sare urang dimaotkeun sawatara waktu, naha kabayang mun urang sare heug ku ALLOH SWT teu dibeuntakeun deui cacap poe harita kari bugang anu ngan saukur digugulung ku kulawarga,banda anu jadi angkeuhan teu dibawa pada nganaha-naha...kamari jeung uing ngusep, jeung uing momotoran....padahal saha nu nangtukeun waktu atra...eces naker nu kagambar dina Al-Qura’n “ Al-Ashr ( mangsa )103:3 ayat”sagala kalakuan anu karandapan bakal ditakon ku ALLOH SWT “Al-Alaq ( sagunduk getih )96:19 ayat”.....nepikeun ka ayeuna teu euih-euih kalakuan jalma anu geus poho ka nu Nyiptakeun nu Maha Ghaib tangtu geus teu apal kana diri sorangan oge saha, timana, rek kamana urang.....wassalam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar