Rukun Islam anu ka lima

Minggu, 24 Juni 2012


Jalma asa ku gumaki pangrasa sagala anu kapimilik ayeuna anu manehna”At-Takaatsur ( monyah-monyah )102:8 ayat”, padahal ngan saukur titipan jeung nepi ka poho kanu mere nginjeum-Na mah geus puguh poho jeung wani ngusir ka anak, salaki, pamajikan, indung, bapa, beh dituna mah tatangga baraya. Bener matak kunaon iblis nu dilaknat ku ALLOH SWT nepi ka menta mangsa hayang dipanjangkeun umur nepi ka poe kiamah tayohna sangkan aya batur ngojay dina Jahanam. Kacang poho kana kulit, mungguhing kersaning ALLOH SWT, sumujud syukur jalma anu diciptakeun dina kaayaan hirup sarwa teu boga jeung teu weleh narimakeun ti hudang sare nepi ka reup deui maot sakeudeung nalika nyawa keur dianjangkeun ka alam anu ghaib/nyaeta keur sare alam panganjangan alam nu bakal jadi pibalikeun jaga, apal mun sare urang dimaotkeun sawatara waktu, naha kabayang mun urang sare heug ku ALLOH SWT teu dibeuntakeun deui cacap poe harita kari bugang anu ngan saukur digugulung ku kulawarga,banda anu jadi angkeuhan teu dibawa pada nganaha-naha...kamari jeung uing ngusep, jeung uing momotoran....padahal saha nu nangtukeun waktu atra...eces naker nu kagambar dina Al-Qura’n “ Al-Ashr ( mangsa )103:3 ayat”sagala kalakuan anu karandapan bakal ditakon ku ALLOH SWT “Al-Alaq ( sagunduk getih )96:19 ayat”.....nepikeun ka ayeuna teu euih-euih kalakuan jalma anu geus poho ka nu Nyiptakeun nu Maha Ghaib tangtu geus teu apal kana diri sorangan oge saha, timana, rek kamana urang.....wassalam.

Rabu, 30 Mei 2012

Tips :" Kumaha carana sms teu numpuk dinu modem Flexi'Air flash"

Tips :" Kumaha carana sms teu numpuk dinu modem Flexi'Air flash"
...Keur baraya nya hususna sim kuring anu resep chating,browsing,download jste tangtu asa kasirep mun geus jongjon nagog hareupeun komputer nya masalah 'buffer' ma kumaha duit lain...iyeu pangalaman sim kuring internetan pake modem flexi'air flash', kade lain flash gordon...nya lumayan aya lah 2 taun jeung modem nu hiji deui nu model ' EVDO ' nu heubeul mah gampang cara ninggali smsna tinggal sinkron keun we, tah baraya ayeuna pangalaman sim kuring pake modem anu air flash tea, geus opat bulan make mimitina mah biasa eweuh masalah, ngan pas ka opat bulan bingung naha modem nu iyeu mah teu bisa sinkron, jeung aya pesen we na komputer kuring teh nya ceuk sundana mah 'sms dinu modem pinuh teu bisa ka tarima pindahkeun kanu komputer'...duuh, bulak-balik kabeh dipencetan tombol nu tampilan na aplikasi modem teh,keukeuh teu manggih kumaha sinkronkeun eta modem jeung komputer nya ahirna nyerah hiji-hijina cara kudu ka kantor layanan eta modem model kancatel mana kitu tah  dimana urang bisa nanyakeun, tapi mun baraya kabeneran boga hp cdma anu flexi mah bisa dipake jang nampilkeun tah kabeh pesen/ sms ti oprator teh dina hp mah, nya jigana ma tiap merk ato spek modem nanaon oge aya mins plusna tergantung baraya tapi modem nu iyeu oge lumayan tah keur lalayaran di alam maya mah....caaag ah....bisi lieur tuluy maca wae mah, nya mudah-mudahan ke ma fitur modem na bisa nambahan meh teu kudu ningggali dina hp, pan kudu bongkar pasang sim card, jeung berita na mah ke bulan Juli bakal migrasi ka 'EVDO' jeung can apal kumaha eta modem mun geus  EVDO  iyeu mah saur neng nia ti cs Telkom teh....kualitas na ceunah leuwih gancang jeung biaya angger kumaha urang langganan naha harian/mingguan/bulanan,.....model kuring make nu limapuluh rebu sabulan...sori lain promosi da kuring nganuhunkeun teh pedah lian ti lalayaran kuring mah modem na dipake usaha lur.....:D....

Sabtu, 19 Mei 2012

Opini "...Pasar kaget?...pasar reuwas istilah pasar dadakan"

pasar kaget/reuwas
Opini"...Pasar kaget?...pasar reuwas istilah pasar dadakan"

Lamun urang nitenan ka'ayaan kiwari nu ngarana pasar ayeuna mah geus lain netep dihiji patempatan anu geus diatur ku pamarentah, tapi kulantaran meureun jalma ayeuna mah ngudag target alatan masalah anu klise nyaeta meh 'dapur ngebul', diunggal patempatan sok aya istilah pasar kaget/atawa pasar anu teu pupuguh mimitina anu dimangpaatkeun ku sabagian jalma pikeun nyiar kipayah. Tapi eta nu ngarana pasar kaget teh biasana mah ngan ungal minggu, atawa poe lain anu ditangtukeun kumaha ramena lalar liwat na jalma nu keur kabeneran ngan saukur keur represing atawa nu ngadon olahraga, nya kabeneran pisan jadi masing-masing nguntungkeun model na gambar nu ayeuna ku penulis babagi/'share' anu aya dina utek saliwat mangsa jalan-jalan represing jeung kulawarga.

Eta nu dagang dipasar kaget teh rupa-rupa ti kadaharan, pakean,aksesoris,coco'oan budak nepi ka elektronik aya jste.Nya sakapeung mun nitenan kaayaan di eta pasar atuh rupa-rupa kahayang jalma, model ari kolot mah kanu kadaharan atawa pakean, abg atawa rumaja tanggung kana pakean jeung aksesoris, anu leuwih lucu mah budak leutik mun ninggali coco'oan edas matak cingpuringkel bari ngadat da meureun ku kolotna teu dipangmeulikeun alatan loba pangabutuh sejen, jeung masalahna teu bisa  ditawar tah rata-rata barang anu dipajang teh jadi 'daek heug teu kajeun'...hihih kitu tah lur da ari carita jeung editan mah teu sabaraha bisa ngan saukur curhat we iyeu mah itung -itung landong baeud, meh teu murukusunu, nyungcung, udud, budug...ah hampura ma'lum urang sunda mah geus nelah bareuki heureuy....caaag ah....:D.....